Loading...

Sunan Gunungjati nu Munggaran Nyieun Masjid di Kuningan

 

KUNINGAN(OKE)- Sunan Gunungjati boga jasa gede ker warga Kuningan. Kusabab, manehna nu munggaran nyieun masjid di wewengkon daerah nu aya di handapen gunung Ciremai.

Ceuk salah seorang penggiat sejarah di Kuningan Nding Masku, loba nu teu apaleun yen saencan rea masjid siga ayeuna, masjid munggaran di Kuningan teh mernahna aya di Desa Setianegara di Kacamatan Cilimus.   

“Masjid munggaran mah tos teu aya wujudna,” pokna ka kuninganoke.com sawatara kaliwat.

Nding netelakan, cek carita masjid munggaran di bangun ayana di Desa Setianegara, pernahna di Kampung Ragasakti nu ayeuna ges jadi hunyuran batu.

Eta masjid cek Nding,  dijieun ku Sunan Gunungjati mulang ti gunung Cireme satutasna rapat jeung Wali Songo taun 1400 M.

Alesanana diwangun pareng turun gunung nincak wanci lohor tapi taya masjid keur para wali. Antukna ngadadak nyieun 

“Ngan basa Cireme bitu taun 1800-an eta majid kaurugan batu,” pokna deui.

Ti saprak harita rabeng masjid marunculan di Kuningan, puncakna tahun 60-70. Sedengken ayeuna bejana ges ribuan.

Ditanya ponpes nu munggaran aya di Kuningan, ceuk lalaki nu buukna dipanjangkeun, nyebutken aya di wilayah Winduherang Kecamatan Cigugur. 

“Sejarah nyatet saacan rabeng ponpes di Kuningan, cekal bakal ponpes aya di Winduherang,” ceuk Nding mungkasan obrolan. (dhn/rdk/foto humas pemprov jabr)

Posting Komentar untuk " Sunan Gunungjati nu Munggaran Nyieun Masjid di Kuningan"