Loading...

Saha nu Ngamimitianna Lebaran Kudu Meuli Baju? Ieu Sajarah Awalna

 

KUNINGAN (OKE)-  Saperti biasa kuring mun rek ngetik berita sok mukaan heula Facebook. Tujuanamah bisi aya beja nu aheng pan lumayan ker nambah-nambah berita. 

Da geuning ayeunamah pembaca teh resepna kana berita viral. Tapi ujug-ujug di beranda da FB kuring mucunghul  status FB Kakang Ghana, salah saurang babaturan nu sarua gawe jadi wartawan.

Baheula kuring apalna ka manehna teh juru foto, malah pernah diberitakeun sekitar tahun 2012 basa kuring masih gawe di media cetak.

Eusi statusna teh kieu” Saha Si Nu Ngamimitan Lebaran Kudu Meuli Baju”.  Kuring teu hayang nyaho naha  Kakang Ghana teh keur rungsing pedah budak menta baju bedug atawa memang ker heureuy ameh rame.

Tapi dibalik eta status nu dijieun memang loba benerna, naha ges jadi patokan mun lebaran kudu meuli baju? 

Kuring sorangan ge masih kabayang keneh ker leutik tahun 90-an di Garut mun lebaran pasti meuli baju anyar.

Inget keneh sok meuli baju di Gang Tamim  di dekat alun-alun Bandung , pokonamah mun lebaran teh kudu ginding. Carita baheula teu bisa sare nunggu datangna shubuh kaalaman ku kuring.

Jeng kuring yakin ku budak nu sapantar jeung kuring pasti  ngalaman, umur kuring ayeuna ges 43 taun. Tapi ceuk beja budak ayeunamah biasa wae dan hayang meuli baju mah teu kudu nungguan lebaran.

Saenggeus ningali status FB Kakang Ghana kuring nyokot HP terus ngirim pesan  ka Kang Nding.   Eusina tangtu nu tadi dibahas di luhur. Teu kungsi lila pertanyaan kuring dijawab .

Ker kuring nu ngarana Nding Masku teh lain ngan salah saurang   PNS tapi leuwih ti kitu. Sabab, manehna salah saurang  pemerhati sajarah Kuningan.

Manehna leuwi apal karena manehna osok nulis di  SKM Galura ( nu ngagunakan basa Sunda)  jeng boga blog nu ngarana warta desa. 

Nding  remen nulis sajarah Kuningan, makana kuring pasti sok nanya , jawabana ge sok mernah kana hate kuring.

“Ti saprak ekonomi indonesia ngaronjat,  taun 70-an atawa jaman orde baru,” jawabna  Nding ngenaan awal mula kudu meuli baju.

Ingona teu ngabantah basa kuring nyarita ari ibadah mah nu diperluken tah baju bersih lain baju anyar . Sainget kuring eweh parentah lebaran kudu ganti baju nu ditepikeun  ku guru ngaji kuring.

“Iyah baheula mah basajan pisan, sabab aya dua perkara hiji bangsa indonesia keur nyangharepan perang gerilya, jeng nu kadua jaman romusa,” pokna deui. 

Jadi  can mikiran baju lebaran, tah  ti saprak ekonomi lancar nagara aman, produk baju atawa tekstil ngaronjat,  karek masarakat bebenah ka kulawargana sewang sewangan . 

“Komo didukung ku ceramah mangsa taun 80-an . Rek ibadah kudu make baju bersih jeung make seuseungitan ,” ceuk Nding mungkasken omongan. (dhn/rdk)


Posting Komentar untuk "Saha nu Ngamimitianna Lebaran Kudu Meuli Baju? Ieu Sajarah Awalna"