Loading...

Carpon : Angkeub


KUNINGAN (OKE)- Heuheuy jeung deudeuh silih genti téh lain babasaan, paselang teu bisa diukur lilana waktu, bisa lila karandapan atawa ukur sakolépat. 

Datang jeung leungitna, Gusti nu marengkeun. Salaku manusa ukur bisa ngarencana, ukur boga kahayang. Dihin pinasti, sakur nu karandapan geus katulis ti dituna. 

Cimata murubut, diri dilimpudan kasedih jeung kabingung, pagalo jadi hiji. Padahal mangkukna kebek ku kabungah.  

Rék teu bungah kumaha, kuring hiji tina dua urang nu kacumponan kahayang, katarima di kampus nu di piharep. 

Lain kampus joré-joré, salasihiji kampus favorite, Universitas Indonesia. Ilmu Hukum nu dipilih téh. Tangtu teu saeutik nu hayang kuliah di ieu kampus, sok komo Ilmu Hukum. 

Ceuk béja Ilmu Hukum jadi jurusan favorit ka dua sanggeus Ilmu Kedokteran di ieu kampus, nu daftarna ngaréwu. 

Pada teu hayang kuliah di éta kampus kumaha coba, bisa dipastikeun lulusana moal hésé néangan gawé.

Ayeuna mah méh ampir kabéh pausahaan merlukeun ahli hukum, sok komo pausahaan gedé mah. 

Jeung deuih mun ningali lowyer-lowyer kahot nu sok mindeng kacaturkeun na tv réréana wedalan ti éta kampus.

Ti mimiti narima hasil seleksi, haté dieusi ku kembang-kembang harepan. Geus kacipta na kongkolak jadi mahasiswa maké jas konéng kareueus. 

Pangwilujeng hul-hol ti babaturan, malah ti guru-guru ogé, pada milu reueus kuring katarima di UI. 

Sok komo Bu Yuli, wali kelas keur kelas XI (sabelas), Ka Anjeunana mah asa ka indung sorangan, mindeng ogé kuring meuting di Anjeuna. Basana hayang dibaturan. 

Pantes mun bu Yuli ngarasa tiiseun téh da di bumina nyorangan saprak pipisahan. Sok padahal ceunah geus leuwih ti sapuluh taun rumah tangga téh, éta ceunah pedah can kénéh waé dipaparin turunan. 

Mun ngéndong, kuring ogé ngarasa boga batur. Najan resep tapi dina jero saminggu paling ukur sapeuting ngéndong téh, da éra ari mindeng teuing mah. 

Sok digeuing éta ogé ku bapa mun ménta ijin nya sok meuting mah, tapi kahadé ulah carékeun jeung ulah mindeng teuing, isin.

Gedé harepan bisa laksana kuliah da digedéan haté ku bapa. Basa nelpon ngabéjaan yén kuring katarima di UI, najan teu katempo, kuring yakin bapa ngarasa bungah tur reueus kacida, kateguh tina sora jeung omonganana.

"Alhamdulillah, nuhun Gusti, dunga Bapa unggal peuting diijabah." 

"Pa, Nyai ukur gaduh waktos lima dinten kanggé daftar ulang, dugi kaping 7! Kumaha, Pa?

"Naha maké jeung nanya kumaha, ulah diengkékeun, isukan Nyai langsung daftar ulang!"

"Tapi Nyai pami kuliah mah meureun moal tiasa damel, moal tiasa ngabantosan Bapa!"

"Hus, ulah kitu, ulah jadi pikiran éta mah, nu penting Nyai sumanget, nya keur biaya saheulaanan mah bisa ngajual kongkorong titinggal Ema, atuh kahareupna salila Bapa jagjag tur masih bisa usaha, piraku teu dirizkian ku Gusti!"

Teu kedah ngical kanggkalung, Pa. Pertosna kanggé registrasi sareng kost ngawitan mah aya tina tabungan Nyai ogé. Tapi nguping ogé saurna ari di negeri mah tiasa ogé ngajengkeun béasiswa, teras asrama ogé disayogikeun, susuganan tiasa, janten teu kedah ngekos.”

Sukur atuh. Bapa bagja pisan, pamudah-mudahan lancar sagalana!

*

Nyai wayahna ayeuna mah kudu pajauh jeung Bapa, mimiti isukan Bapa rék muka jongko di kota.

Saminggu sanggeus Ema dikurebkeun Bapa pamitan nyiar kipayah ka Kota. Ari nu jadi alesan ceunah nyawah mah geus teu kaharti. 

Mun panén, hasilna béak paké mayar gemuk ka koprasi, leuwihna cukup keur dahar wungkul, moal bisa nyukupan pangabutuh séjén.

Tapi nu kajudi mah lain éta nu jadi alesan bapa hayang pindah pakasaban, utamana mah hayang ngbangbalérkeun pikir, sieun kaleleban ku ema. 

Da geuning saditinggalkeun ku ema jadi mindeng ngalamun siga nu jauh panineungan.

Kaharti pisan mun bapa kaleungitan, ceuk rahulna mah lir leungit saparo nyawa, da ema mah ngabakti pisan. 

Lain sakali bapa nyarita Ké mun Nyai geus nepi kana jodona, peupeujeuh sing tuhu ka salaki.

Tong sakali-kali mumpang salila éta paréntah atawa kahayangna teu ngarempak aturan agama mah. 

Tingali Ema hidep, taya alesan keur Bapa keur nganyenyeri sok komo ngahianat!

Najan asa can sanggup mun pajauh jeung bapa, kudu negerkeun manéh. Pajar téh kudu diajar mandiri ti ayeuna.

Ké ogé mun kuliah kudu pajauh jeung bapa, barina ogé teu kudu ngarasa sorangan, di lembur loba duduluran ti ema najan geus laér ogé. 

*

“Ti Bandung Bapa nyubuh, asar sugan nepi ka lembur. Kitu basa basa ngabéjaan rék mulang, ceunah hayang munggahan di lembur, sok padahal basa minggu kamari mah nyarita ka lembur téh ke waé mun rék lebaran. Sigana lain hayang-hayang teuing munggah di lembur, tapi ku bungah pédah kuring ngabéjaan katarima di UI.

Cimata nu bedah lainna nyaatan, nu tadina ukur inghak-inghakan ayeuna elih-elihan. Ku teu nyangka, nu tadi nu tadi peting  nyarita asar tepi lembur téh kalah layonna. 

Pati jadi rusiah Gusti, beus nu taékan ku bapa ti gebrus ka jungkrang Cadas Pangéran. Méh ampir tilu taun pajauh jeung bapa, ayeuna kudu papisah salilana, nung geulis hirup sorangan. Harepan jeung cita-cita nu diuntun dirungkeb langit angkeub poék meredong.

Karya: Yan Kusdiyanto


Posting Komentar untuk "Carpon : Angkeub"